Menuju konten utama

Contoh Teks Pidato Tentang Maulid Nabi Singkat Bahasa Sunda

Contoh teks pidato tentang Maulid Nabi diperlukan selama perayaan hari kelahiran Rasulullah saw. Simak isi teks singkat dalam bentuk bahasa Sunda.

Contoh Teks Pidato Tentang Maulid Nabi Singkat Bahasa Sunda
Ilustrasi maulid nabi Muhammad. FOTO/iStockphoto

tirto.id - Teks pidato tentang Maulid Nabi dapat disampaikan dengan singkat tapi bermakna. Contoh teks bisa menggunakan bahasa daerah, seperti bahasa Sunda.

Nabi Muhammad saw. dilahirkan pada hari Senin, 12 Rabiul Awal menurut kalender Hijriah. Oleh karenanya, tanggal 12 Rabiul Awal setiap tahun diperingati sebagai Maulid Nabi atau hari kelahiran Rasulullah saw.

12 Rabiul Awal 1446 Hijriah jatuh pada Senin, 16 September 2024 versi kalender Masehi. Pemerintah juga turut menetapkan sebagai salah satu hari libur nasional dalam rangka memperingati Maulid Nabi Muhammad saw.

Nabi adalah Rasul terakhir. Ia telah membawa umat akhir zaman menuju ke jalan kebenaran. Alhasil, memperingati kelahiran Nabi Muhammad saw. menjadi salah satu bentuk rasa syukur kepada Allah swt. atas rahmat-Nya. Maulid Nabi bisa diperingati dengan cara berselawat, mengadakan majelis ta'lim, dan kegiatan ibadah lain.

Hukum merayakan Maulid Nabi Muhammad saw. adalah bidah hasanah. Artinya adalah sesuatu yang tidak dilakukan oleh Rasulullah saw. atau para sahabatnya, tetapi memiliki nilai kebaikan dan membawa manfaat.

Contoh Teks Pidato Tentang Maulid Nabi Singkat Bahasa Sunda

Cara memperingati hari kelahiran Rasulullah saw. lainnya adalah mengikuti lomba-lomba yang diadakan di sekolah, pesantren, atau bahkan masjid lingkungan sekitar. Salah satu lomba yang acap kali digelar yakni lomba pidato.

Di bawah ini adalah contoh teks pidato tentang Maulid Nabi singkat bahasa Sunda berjudul "Hikmah Maulid Nabi Muhammad SAW":

Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Bapak/Ibu anu ku sim kuring dipihormat saren rerencangaan anu ku sim kuring dipikanyaah,

Langkung tipayun hayu urang sami-sami manjatkeun puji sareng sinareng syukur kahadirat Gusti Allah swt. anu parantos masihan urang kasempetan pikeun ngariung dina acara Muludan atanapi Maulid Nabi, keur mangrupa mieling babarna kanjeng Rasulullah saw., rahmatan lil’alamin.

Sholawat sinareng salam mugia salamina dilimpah surahkeun kapanutan alam ya ni Habibana Wanibiyana Muhammad saw. Teu kantun ka kaluargana, ka parasahabatna, ka tabiinna, termasuk ka urang sadayana anu janten salaku umat nabi akhir jaman sareng mudah-mudahan tiasa nuturkeun jalanna nepi ka yaumil akhir.

Bapak/Ibu anu ku simkuring dipikahormat, mieling Maulid Nabi téh sanés ngan saukur perayaan biasa. Ieu peringatan mangrupa bentuk rasa syukur urang ka Allah swt., sabab parantos ngutus Nabi Muhammad saw. ka ieu dunya tur nyandak risalah Islam anu jadi cahya pikeun umat manusa.

Nabi Muhammad saw. jadi conto anu sampurna pikeun kahirupan urang sadidinten. Kaparigelan, rasa asih sareng asuh, sareng kasabaran anjeunna téh jadi conto anu kudu urang diterapkeun dina kahirupan. Dina danget ieu, urang kedah nginget deui sabaraha pentingna ngajadikeun Nabi Muhammad saw. salaku tauladan dina sagala aspek kahirupan.

Ilustrasi maulid nabi Muhammad

Ilustrasi maulid nabi Muhammad. FOTO/iStockphoto

Bapak/Ibu sadayana, hikmah tina perayaan Maulid Nabi téh teu saeutik. Di antarana, urang tiasa ngalaksanakeun introspeksi diri. Naon anu parantos urang lakonan dina ngajalankeun sunnah-sunnah Nabi Muhammad saw.? Kumaha cara urang nerapkeun akhlak mulia anu dipapaés ku anjeunna?

Ku mieling Maulid Nabi, urang kedah bisa nguatkeun rasa cinta ka Rasulullah saw. Cinta anu teu ngan saukur dina omongan, tapi bisa diwujudkeun dina lampah sareng paripolah urang dina ngalakonan hirup sadidinten. Contona ku ngalaksanakeun solat, zakat, puasa, sarta ngajaga silaturahmi anatar umat Muslim. Ieu téh mangrupikeun bentuk nyata tina cinta urang ka Rasulullah saw.

Bapak/Ibu anu ku simkuring dipikacinta, hayu urang sadayana ngajadikeun peringatan Maulid Nabi ieu minangka momen pikeun nerapkeun akhlak mulia, silih asah, silih asih, sareng silih asuh di antara umat Islam. Mugia ku ngalaksanakeun sunnah-sunnah Rasulullah, urang tiasa hirup dina kahirupan anu berkah sarta rahmatan lil’alamin.

Rupina sakitu anu tiasa sim kuring kapihatur, hapunten bilih aya kalepatan dina nyarios, hatur nuhun kana perhatosanana. Mugi-mugi urang sadaya jadi umat Rasulullah saw. nu kengeng syafaat di Yaumil Kiamah, amin ya rabbalamin.

Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Baca juga artikel terkait MAULID NABI 2024 atau tulisan lainnya dari Nisa Hayyu Rahmia

tirto.id - Edusains
Kontributor: Nisa Hayyu Rahmia
Penulis: Nisa Hayyu Rahmia
Editor: Beni Jo & Yulaika Ramadhani