Menuju konten utama

5 Contoh Carpon Bahasa Sunda dengan Berbagai Tema

Simak 5 contoh carita pondok (carpon) Bahasa Sunda dengan berbagai tema berikut ini.

5 Contoh Carpon Bahasa Sunda dengan Berbagai Tema
Ilustrasi Cerpen. foto/istockphoto

tirto.id - Carpon adalah singkatan dari "carita pondok". Dalam Bahasa Sunda, artinya cerita pendek. Tradisi sastra Sunda menempatkan carpon sebagai bentuk narasi singkat yang biasanya mencakup berbagai tema, seperti kehidupan sehari-hari, budaya, dan nilai-nilai lokal.

Carpon seringkali digunakan untuk menyampaikan pesan atau menghibur pembaca dengan cerita yang padat dan menarik. Dengan ditulis menggunakan bahasa Sunda, pembaca mendapat pengalaman yang dekat dengan budaya Sunda.

Carpon juga memainkan peran penting jika ingin belajar Bahasa Sunda. Pertama, carpon memungkinkan pembaca untuk mendalami struktur Bahasa Sunda, mencakup tata bahasa, kosakata, dan ungkapan dalam konteks yang alami dan realistis.

Kedua, carpon membantu memperkenalkan dan memperkuat pemahaman tentang budaya dan nilai-nilai Sunda. Pasalnya, cerita-cerita dalam carpon sering kali mencerminkan kehidupan, tradisi, dan kebiasaan masyarakat Sunda.

Ketiga, carpon dapat meningkatkan keterampilan membaca dan menulis dalam bahasa Sunda. Membaca carpon secara rutin dapat membantu mengenali pola penulisan yang baik, serta meningkatkan pemahaman akan bacaan berbahasa Sunda.

Selain itu, menulis carpon sendiri juga bisa menjadi sarana latihan dalam mengasah keterampilan menulis. Dengan mencoba menulis carpon, maka kemampuan menciptakan cerita, menggunaakan kosakata, serta menyusun kalimat bisa terlatih.

Contoh Carpon Bahasa Sunda Lengkap dengan Berbagai Tema

Berikut ini adalah contoh carpon Bahasa Sunda lengkap dengan berbagai tema, mulai dari horror hingga pendidikan:

1. Ngubaran Nyeri Huntu

(Pernah dimuat di majalah Mangle No. 2234, 20-26 Agustus 2009)

Bi Mirah di lembur kuring katelah tukang ngubaran nyeri huntu. Lain make obat atawa jamu, ieu mah make geutah jarak jeung ..... anak cucunguk. Ari geutah jarak mah kuring ge ngarti hasiatna, ngan palebah anak cucunguk mah rada curiga.

Nyeri huntu mah, kasakit anu taya pirajeuneun ngalongok. Malah kacapangan rea anu pada ngaheureuykeun, paribasa majar nu nyeri huntu mah gawena baketut paromana murukusunu, kasigeung saeutik hawana ambek-ambekan.

Keur piubareun di sakuriling imah Bi Mirah ngahaja dipageuran ku tangkal jarak. Di juru imahna ngahaja neundeun bata urut keur miara anak cucunguk paragi ubar. Bi Mirah teh jadi sohor teh cenah ubarna mujarab, sualna lamun tas ngubaran, jaramna langsung barijil. Eta pisan nu matak Bi Mirah dipercaya.

Hiji waktu babaturan nyeri huntu nyanyautan. Kuring milu maturan tatamba ka Bi Mirah. Teu talangke Bi Mirah ninggas tangkal jarak. Geutahna dikucurkeun kana pisin. Terus ngala anak cucunguk dina tumpukan bata urut tea. Geutah jarak ditetelkeun kana huntu anu nyeri. Anak cucunguk diremes ku ramo Bi Mirah. Dabot batur kuring ngagoak nahan nyeri, Bi Mirah ngomong kieu:

"Tuh, tingali jaramna, cacing-cacing leutik kaluar. Ieu nu matak mawa nyeri huntu teh!" cenah bari nunjuk kana cacing leutik tingarutek dina curuk Bi Mirah. Ari babaturan mah ngan bati unggeuk. Teu lila kusiwel mere amplop ka Bi Mirah.

Tapi pikeun kuring mah tanda tanya. Maenya aya jaram huntu kaciri bungkeuleukana. Kuring curiga terus, teu talangke ngala anak cucunguk terus dipekprek. Kacurigaan kuring bener, cacing leutik anu tingarutek teh horeng aya dina jero beuteung cucunguk lain jaram dina

huntu. Ngan teu gandeng, eta mah kreatipitas anu jadi rusiah Bi Mirah, nu penting mah pasen cageur, lain? Kawasna nu boga hasiat mah geutah jarak, ari anak cucunguk mah ukur pamaes wungkul ngarah pasen percaya.

2. Kajadian Teu Disangka-sangka

(Oleh Fathan Ersanda)

Tos jadi hiji kabiasaan upami tos beres sholat maghrib teh, rudi ngapalkeun. Ngawitan ti ngarengsekeun PR dugi ka macaan deui anu tadi diajarkeun di sakola. Harita, pun biangna sareng kulawarga sanesna ngadadak kedah ka bumi amangna, margi bade sukuran bumina. Ku kituna sadaya kaluwarga mios ka bumi amangna, iwal rudi sorangan. Soalna, saupami ngiring, tangtos PR anu sakiti seueurna moal rengse mangkaning enjing-enjing pisan kedah tos ka sakola.

Wengi eta rudi cicing dikamar ngarengsekeun PR sarta macaan buku kanggo enjing bari jeung rada sieun. Alhamdulillah margi jempling, pangajaran teh asa gampil nyerep kana otakna. Padahal teu aya ulangan.

Tabuh 06.00 WIB pas, rudi mios ka sakola. Asa tenang teu deg-degan margi PR anu sabreg-bregan teh rengse sadayana. Rerencanganna nararoskeun naha aya ulangan henteuna. Rudi yakin yen dinten harita mah moal aya ulangan. Atuh tenang-tenang wae ngobrol bari ngantos bel disada.

Saparantos bel tanda lebet ka kelas disada, sadaya murid kelas 1,2,3 lebet ka kelasna sewang-sewangan. Jam pelajaran kahiji teh nyaeta matematika. Bapa Eki guruna teh. Barudak simpe, margi Pa Eki tos lebet ka kelas.

“Wilujeng enjing Pa!”

“Kaluarkeun kertas dua lambar, dinten ieu ulangan!” saur Pa Eki.

“Haaahh, pan teu diwartosan Pa, dinten ieu ulangan!” barudak reuwas bari protes.

Kalintang deg-degannna sadaya murid harita, margi kedah ulangan matematika. Soalna mah teu seueur mung lima tapi jawabanna teu cekap dua lambar. Tegang, deg-degan, stress campu jadi hiji.

“Ya Allah untung abdi teu ngiring jadi tiasa ngapalkeun, soal-soalna tadi wengi tos dipelajari, nuhun gusti,” gerentes hate Rudi.

Ketatna pa Eki dugi ka teu tiasa ngareret sakedik-skedik acan. “Teet...teet...teet” sora bel disada tanda waktos pelajaran seep. Barudak pasrah iwal ti Rudi, kertas ulangan dadakan dikempelkeun.

Enjingna, sadaya barudak ngariung dipayuneun papan pangumuman. Rudi kacida reuwas nembe g dugi kasakola, sadaya rerencanganna ngasongkeun pananganna. “Wah, wilujeng..wilujeungnya, peunteun matematika pangsaena!”

3. Saung Panineungan

Geus leuwih tilu kali leubaran eta saung can diteang deui tapi kamari nya leubaran ayeuna pisan kuring neang deui eta saung, saung teh geuning taya obahna ti baheula neupi ka ayeuna istuning kitu keneh ras ingeut nya di saung eta kuring jeung Iis pernah patali jangji nya didinya pisan Iis ngedalkeun lisan cenah rek satia hayang hirup babareungan tapi, kiwari geuning teu kabuktian jangji tinggal jangji kanyataan sewang-sewangan.

Ret ngaleret hareupeun saung aya jalan anu bras na ka wahangan leutik di leubah wahangan eta paragi kukumah paragi nyeuseh cing saha bae anu ngaradon nyeuseuh meuni rame mun isuk-isuk teh loba mojang ngadon nyareuseuhan didinya, nya didinya kuringge sok silih simbeuh jeung Iis mun kabeuneran Iis keurnyeuseuh malah peurnah ti gujubar duaan ari kabeuneuran otel kamalinaan nya jaribrug awak teh tapi geuning karasa bagja pisan.

Ras ingeut deui nya di saung ieu yeuh basa meuleum jagong paduduaan jeung Iis teh ari meuleum di campur jeung otel tungtungna jagong teh tarurtung malah eta arengna jadi bahan pangheureuyan silih doletkeun kana beungeut atuh Iis teh camelong kitu deui kuring, kuring imut sorangan hayang seuri ingeut kana pangalaman baheula teh nya campur jeung kaseudih geuning urang teh teu ngahiji Iis.

Kunaon atuh bisa teu ngajadi enya urang teh geus jangji da kitu geuning kolot anjeun Iis teu satuju ka kuring pedah kuring jalma nu batan sakieu tuna harta tuna harti, nya ku kolot anjeun anjeun di jodokeun ka Mantri Bank anu beughar pakayana, nya ti harita kuring lunta ti Lembur rek makaya ka Kota rek digawe bari mawa hate anu gudawang kabogoh di reubut batur keuna ku paribasa “meuncit meuri dina rakit boboko wadah bakatul lain nyeuri kupanyakit kabogoh di reubut batur” meni keuna pisan eta sisindiran teh.

Nya kebat kuring ngumbara di kota kabeuneuran kuring di angkat jadi guru Sakola Dasar tug neupi ka meunang jodo urang kota. Nu matak leubaran ieu kuring mudik jeung indung na barudak.

Kiwari kuring geus boga budak dua, tapi rahasiah eta saung bating teu arapaleun eta di jadikeun rahasia duaan ngan kuring jeung Iis bae, suganteh mudik teh bisa panggih jeung Iis geuning suwung teu panggih duka dimana.

4. Endog Entog

(Pernah dimuat di majalah Mangle, No. 2240, 8-14 Oktober 2009, kaca 54)

Ieu pangalaman kulawarga kuring baheula basa keur di lembur. Bapa gaduh putra dalapan. Padamelan mung sakadar nyukur di kios. Harita hirup teha kawilang werit zaman susah.

Harita keur meujeuhna carekeun. Bada isa, rengse ngaji di tajug, barudak teu langsung mulang. Geus jangjian keur ngarujak isuk, oprasi peuting ieu mah bagian buah nu Mang Suklan. Tangkal buah teh leubeut jeung tempatna rada nyingkur sisi walungan.

Dikomando ku si Riki, “target ayeuna mah buah Mang Suklan di sisi walungan Cimarakan, buah cengkir meujeuhna gumading. Mang Suklan bejana keur ka dayeuh hajat dulurna. Ngan kahade maneh, kudu nalingakeun bisi aya nu jalma nu ngaliwat geuwat mere kode.”

“Tah keresek keur wadahna” Si Riki ngabagi keresek hideung ka sapuluh urang. Peuting eta tangkal buahna teh dipupu lain ku kalong, tapi barudak balad kuring. Dina oprasina, sok rada lenger, buah diala nepi ka pentilpentilna bari sok mubah tara didahar. Biasa resep ngala wungkul bari sawareh dibalang-balangkeun ka walungan bari seuseurian siga nu puas bangun ni’mat.

“Tah langsung keureutan we, ngarah isuk di pangangonan kari am rujak teh. Sawareh mah keur sasadiaan sumputkeun. Keun gula beureum jeung cengek mah ti urang...” ceuk si Riki mere komando. Sanggeus kaharti, barudak bubar. Balik sakola, kuring muru imah si Riki. Kuring kaget mata simeuteun. Si Riki ditalian dicepretan ku Ki Sarman, akina. Barang nempo kuring, nyel Ki Sarman ambek.

“Tah, berenyit ieu sigana oge baladna. Kadieu sakalian urang siksa!” ceuk Ki Sarman bari jung nangtung muru ka kuring. Atuh berebet kuring lumpat notog-notogkeun maneh. Na kunaon atuh si Riki dirogahala akina?

“Tah, eta teh palajaran keur budak carekeun. Buah cengkir anu dipupu peuting tadi geus dibeli ku Ki Sarman ti Mang Suklan. Kade maneh ulah pipilueun. Ki Sarman mah jelemana sahaok kadua gaplok taya ras-rasan” ceuk indung kuring ngajelaskeun. Paingan atuh. Ti harita, kuring mindeng gegebegan ratug tutunggulan, malah sok kaiimpi-impikeun Ki Sarman terus ngudag-ngudag barudak neangan buah cengkirna anu leungit. Barudak sapuluh kecerek, dirangket dicepretan nyere ku Ki Sarman mani tinggareleng beureum bari gogoakan terus menta tulung. Ampun, Gusti!!! Kuring gigisik. Ah, moal sakali-kali deui rek pipilueun!

5. Tugas Kelompok Ti Sakolaan

(Oleh Kustian)

Di dinten minggu nu kalangkung, abdi sareng rerencangan saurna kedah ngadamel kueh kanggo pancen kerja lelompok ti sakolaan. Abdi, Susi, sareng Rani sasarengan minangka hiji kelompok.

Disakolaan keneh, abdi tos ngusulkeun kanggo ngadamel kueh bulu, sareng rerencangan sadayana satuju kana usul abdi. Sabab salian gampil, bahan-bahana kanggo midamel kueh oge kawilang gampil dipilarian sareng hargana teu awis.

Isukna sakigaran Jam 4 sore, abdi sareng dua rerencangan abdi tos kararumpul sadayana. Abdi, Rani, sareng Susi sasarengan ngadamel kueh teh di bumi abdi. Artos sadayana parantos di siapken samemehna, kitu oge sareng parabotan masakna.

Teu ngantosan lami, Susi sareng Rani angkat meser bahan-bahana di warung nu teu tebih ti bumi, sedengkeun abdi ngantosan di bumi sabari nyiapkeun alat-alatna. Teu lami oge, dua rerencangan abdi uih ti warung.

“Hayu buru, urang geura langsung bae ngadamel kuehna bisi kabujeng magrib!” Abdi langsung bae nyarios kitu. Kueh bolu teh dipidamel sasarengan, sareng teu hilap oge pun ibu abdi ngabantos masihan terang kana cara-carana.

Singket carita, bolu teh nuju di open. Sabuat ngantosan, abdi sareng rerencangan teh ngarobrol heula dipayunen bumi. Teu lami kadangu sora, ” Tuh geura angkat kueh boluna, bisi kaburu tutung!” Saur ibu abdi ti jero bumi.

Abdi gera giru lulumpatan bari ningali kuehna. Mani sae pisan geuning bentukna saatos jadi teh, waktos di cobian oge sakedik, “Wah” mani karaos pisan rasana. Enjing isukna abdi nyandak kueh boluna ka sakola, kelompok abdi katingali bungah pisan, margi tiasa diajar ngadamel kueh.

Baca juga artikel terkait BAHASA SUNDA atau tulisan lainnya dari Ahmad Yasin

tirto.id - Edusains
Kontributor: Ahmad Yasin
Penulis: Ahmad Yasin
Editor: Yulaika Ramadhani