Menuju konten utama

Soal PTS Bahasa Sunda Kelas 7 Semester 1 dan Kunci Jawaban

Contoh soal PTS Bahasa Sunda kelas 7 semester 1 dan jawabannya dalam artikel ini bisa dijadikan latihan untuk menghadapi ujian. Berikut soal dan jawabannya.

Soal PTS Bahasa Sunda Kelas 7 Semester 1 dan Kunci Jawaban
Siswa mengerjakan soal Ujian Kenaikan Kelas (UKK) dengan sistem daring di SMPN 2 Blitar, Jawa Timur, Selasa (16/5). ANTARA FOTO/Irfan Anshori

tirto.id - Contoh soal PTS Bahasa Sunda kelas 7 semester 1 dan kunci jawabannya dalam artikel ini bisa dijadikan latihan untuk menghadapi PTS. Materi Bahasa Sunda merupakan salah satu mata pelajaran siswa kelas 7.

Umumnya mata pelajaran Bahasa Sunda diajarkan di sekolah-sekolah Jawa Barat pada berbagai jenjang pendidikan. Aspek yang dipelajari di dalamnya meliputi kebahasaan dan kebudayaan Sunda.

Mata pelajaran Bahasa Sunda termasuk dalam kelompok mata pelajaran muatan lokal. Selain Bahasa Sunda, siswa akan menghadapi PTS berbagai mata pelajaran lain, seperti Matematika, PAI, PKN, Bahasa Inggris, PJOK, IPS, dan sebagainya.

Contoh Soal PTS Bahasa Sunda Kelas 7 Semester 1 dan Kunci Jawaban

Contoh soal PTS Bahasa Sunda kelas 7 semester 1 dapat dimanfaatkan sebagai salah satu upaya pematangan materi melalui latihan soal. Siswa bisa melaksanakan latihan soal secara mandiri maupun bersama guru.

Berikut contoh soal PTS Bahasa Sunda kelas 7 semester 1 dan kunci jawabannya.

1. Kalimah anu eusina nepikeun omongan jalma séjén ka jalma anu diajak nyarita kalawan bébas henteu saujratna, nyaéta kalimah .....

A. kalimah langsung

B. kalimah campuran

C. kalimah pananya

D. kalimah teu langsung

Jawaban: D

2. Paguneman téh dilakukeun ku .....

A. sorangan bari sorana bedas

B. duaan tapi nu ngomongna saurang

C. duaan atawa leuwih bari silih témpas

D. sorangan bari sorana teu kadéngé ku batur

Jawaban: C

3. Kalimah anu diucapkeun ku nu nyarita ka jalma nu diajak nyaritana, nyaéta kalimah .....

A. kalimah teu langsung

B. kalimah pananya

C. kalimah campuran

D. kalimah langsung

Jawaban: D

4. Anu kaasup paguneman téh nyaéta .....

A. dialog

B. monolog

C. épilog

D. prolog

Jawaban: A

5. Jejer dina paguneman téh nyaéta .....

A. diatur ku nu nyarita

B. bisa naon baé

C. diatur ku nu diajak nyarita

D. teu bisa sambarangan

Jawaban: B

6. Kaasup henteu pantes dilakukeun upama urang keur paguneman téh aya nu .....

A. nyarita dibarung ku pasémon anu marahmay

B. nyarita dibarung ku rengkuh anu merenah

C. nyarita dibarung ku lentong anu merenah

D. nyarita dibarung ku lajag léjég jeung poporongos

Jawaban: D

7. Tatakrama basa Sunda maksudna pikeun .....

A. ngawilah-wilah jalma

B. ngahargaan saluhureun

C. silihargaan jeung sasama

D. ngahormat ka atasan

Jawaban: C

8. Tatakrama basa Sunda sacara gurat badagna diwangun ku .....

A. ragam basa loma jeung basa hormat

B. ragam basa cohag jeung basa hormat

C. ragam basa hormat keur sorangan jeung keur batur

D. ragam basa loma jeung basa hormat keur ka batur

Jawaban: A

9. Kuring kakara balik ti sakola.

Dirobah jadi ragam basa hormat .....

A. abdi nembé mulih ti sakola.

B. abdi nembé wangsul ti sakola.

C. abdi nembé mulang ti sakola.

D. abdi kakara mulih ti sakola.

Jawaban: B

10. Tatakrama basa Sunda baheula mah disebut .....

A. panta-pantana basa

B. undak-usuk basa

C. kasar-lemesna basa

D. basa loma jeung hormat

Jawaban: B

11. Kamari kuring papanggih jeung lanceuk manéh. Ragam basa hormatna .....

A. kamari abdi patepang sareng pun lanceuk.

B. kamari abdi patepang sareng pun raka.

C. kamari abdi patepang sareng tuang lanceuk.

D. kamari abdi patepang sareng tuang raka.

Jawaban: C

12. Unggal enjing abdi ..... ka sakola

A. angkat

B. mangkat

C. mios

D. indit

Jawaban: C

13. Adi kuring teu bisa sakola lantaran geuring. Ragam basa hormatna .....

A. Pun adi teu tiasa sakola ku margi udur.

B. Pun adi teu tiasa sakola ku margi teu damang.

C. Pun rai teu tiasa sakola ku margi udur.

D. Rai abdi teu tiasa sakola ku margi teu damang.

Jawaban: B

14. Jalma anu tara daék barang béré kabatur disebut.....

A. buntut kasiran

B. élmu sapi

C. gurat cai

D. heuras létah

Jawaban: A

15. Paguneman dilaksanakeun .....

A. di mana baé

B. dina kaayaan dines

C. di jero kelas

D. bari dariuk dina korsi

Jawaban: A

16. Kecap embung lamun dirobah kana basa hormat keur sorangan nyaéta .....

A. teu kersa

B. hoyong

C. alim

D. kersa

Jawaban:C

17. Kecap dahar lamun dirobah kana basa hormat keur ka batur nyaéta .....

A. neda

B. madang

C. emam

D. tuang

Jawaban: D

18. Tingali kalimah di handap ieu! Indung jeung Anak

“Mah, aya nu badé ditaroskeun,” ceuk Atia.

“Naroskeun naon?Ké, Mamahna capé kénéh,” jawab indungna. Geus biasa, lamun tas nyanyabaan, Atia mah sok tetelepék ngeunaan naon-naon anu katénjo atawa nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat nu dituju. Harita ogé kakara jol pisan tas piknik ti Maribaya.

“Sok, badé naroskeun naon? Mani bangun daria,” ceuk indungna deui, bari neuteup… bréh budak téh mani ngembang céngék.“Kieu, Mah ....., naon margina ari naék mobil sok istri heula, ari lungsur sok pameget heula. Geuning tadi ogé, basa naék angkot, Bapamah tipengker naékna ..... lungsurna mah tipayun,” pokna.

Naon nu jadi téma dina éta paguneman téh?

A. Piknik ti Maribaya

B. Naék mobil jeung turun mobil

C. Indung jeung anak

D. Tatakrama naek jeung turun tina mobil

Jawaban: D

19. Pa Eko :Édo geus tilu poé ..... Cik barudak sugan aya nu apal, ari Édo kamana geus tilu poé?

Sutar :Teu damang, Pa.

.....

Pa Eko :Har, geuning teu ngirim surat .....”

Pék teruskeun titik-titik di luhur!

A. Kamari gé tos teu kasakola, pa.

B. Kamari ogé dicandak ka Rumah Sakit ku mamahna saurna muntabér.

C. Malihan saur mamahna teu tiasa mapahmapah acan.

D. Geubis tina sapedah waktos dinten kamari

Jawaban: B

20. Kalimah nu merenah ngalarapkeunana

A. Pun Ua nuju teu damang tos 5 dinten

B. Abdi angkat ka Jakarta sareng pun biang

C. Bibi abdi nuju udur répot

D. Abdi mios tibumi jam 06.30

Jawaban: A

Baca juga artikel terkait CONTOH SOAL atau tulisan lainnya dari Nurul Azizah

tirto.id - Pendidikan
Kontributor: Nurul Azizah
Penulis: Nurul Azizah
Editor: Yulaika Ramadhani