Menuju konten utama

Contoh Soal Bahasa Sunda Kelas 10 Semester 1 dan Kunci Jawaban

Berikut contoh soal Bahasa Sunda kelas 10 semester 1 dan kunci jawabannya untuk pilihan ganda dan essay.

Contoh Soal Bahasa Sunda Kelas 10 Semester 1 dan Kunci Jawaban
Ilustrasi Ujian Tertulis. (ANTARA FOTO/M Rusman)

tirto.id - Contoh soal Bahasa Sunda kelas 10 semester 1 yang tersedia di artikel ini bisa digunakan menjadi bahan belajar menghadapi Penilaian Tengah Semester (PTS) atau Penilaian Akhir Semester (PAS).

Soal-soal Bahasa Sunda kelas 10 semester 1 dan kunci jawabannya tersebut menyajikan 20 pertanyaan. Terdapat dua jenis pertanyaan, yakni soal pilihan ganda dan essay Bahasa Sunda kelas 10 semester 1.

Selain bisa digunakan sebagai latihan menjelang ujian, sejumlah soal Bahasa Sunda Kelas 10 berikut ini juga layak dipelajari untuk meningkatkan pemahaman peserta didik.

Materi Bahasa Sunda merupakan salah satu mata pelajaran yang dipelajari siswa kelas 10 dan termasuk dalam kelompok mata pelajaran muatan lokal (mulok).

Soal Bahasa Sunda Kelas 10 Semester 1 dan Jawaban

Isi 25 pertanyaan dalam daftar soal pilihan ganda dan essay di bawah ini terkait dengan materi Bahasa Sunda kelas 10 semester 1, seperti Aksara Sunda, Dongeng, Teks Kawih Sunda, hingga Terjemahan.

Berikut ini contoh soal Bahasa Sunda kelas 10 semester 1 dan kunci jawabannya untuk pertanyaan pilihan ganda dan essay:

A. Soal Pilihan Ganda Bahasa Sunda Kelas 10

1. Numutkeun ..... narjamahkeun téh kudu “geulis” jeung “satia”

A. Apip Rosidi

B. Ajip Rosidi

C. Aji Rosidi

D. Aji Rusdini

E. Apip Samsudi

Jawaban: B

2. Tarjamahan tina pribahasa “amis budi” nyaéta .....

A. Budi yang manis

B. Wajah manis

C. Si Budi yang berwajah manis

D. Manis budi

E. Selalu tersenyum

Jawaban: E

3. Fungsi tarjamahan nyaéta .....

A. Pikeun ngabeungharan basa

B. Pikeun ngarobah eusi bacaan

C. Pikeun ngabeungharan karya sastra

D. Pikeun ngarobah makna basa

E. Pikeun nambahan kosa kata

Jawaban: D

4. "Kreativitas dalam belajar merupakan salah satu hal yang penting." Tarjamahan basa Sunda tina kalimah di luhur nu merenah nyaéta .....

A. Kréativitas dina diajar mangrupa salasahiji hal nu penting

B. Kreativitas dina diajar mangrupakeun salah sahiji hal nu penting

C. Kaparigelan dina diajar mangrupa sahiji hal nu penting

D. Kaparigelan dina diajar mangrupa salasahiji hal nu penting

E. Kaparigelan dina diajar mangrupakeun salah sahiji hal nu penting

Jawaban: B

5. Cara sangkan urang ahli dina narjamahkeun kana basa Sunda nyaéta .....

A. Kudu loba maca bacaan basa Sunda

B. Kudu loba nulis tulisan basa Sunda

C. Kudu loba nyieun karya sastra

D. Kudu loba nyarita maké basa Sunda

E. Kudu loba maca bacaan basa Indonesia

Jawaban: A

6. Tarjamahan tina pribahasa “dari mulut ke mulut” nyaéta .....

A. Tina biwir kana biwir

B. Tina cangkem kana cangkem

C. Cacarita

D. Tina lisan kana lisan

E. Tatalépa

Jawaban: A

7. Tarjamahan nyaeta karya hasil narjamahkeun tina basa séjén, atawa istilahna .....

A. Alih basa

B. Alih kecap

C. Alih aksara

D. Alih basa bébas

E. Alih caritaan

Jawaban: A

8. Léngkah-léngkah nyieun tarjamahan

(1). Narjamahkeun luyu jeung kaidah-kaidahna

(2). Maca dina jero haté

(3). Paham kana alur carita

(4). Nyiapkeun teks nu rék ditarjamahkeun

(5). Mariksa hasil nerjemahkeun

Léngkah-léngkah anu merenah nyaéta .....

A. 5-2-3-1-4

B. 4-2-3-1-5

C. 4-3-2-1-5

D. 1-2-3-4-5

E. 3-4-2-1-5

Jawaban: B

9. Aksara Sunda Kaganga miboga 7 aksara swara (vokal), ...... aksara ngalagena (konsonan), 13 rarangkèn,

10 angka jeung sababaraha tanda baca.

a. 24

b. 23

c. 21

d. 20

Jawaban: 23

10. Anu dimaksud Aksara Sunda Kaganga téh nyaéta aksara Sunda hasil “standarisasi” anu geus ditetepkeun ku SK Gubernur Jawa Barat.....

a. No. 434/ Sk. 614-Dis.Pk/1999

b. No. 434/ Sk. 614-Dis.Pk/2009

c. No. 454/ Sk. 614-Dis.Pk/1999

d. No. 464/ Sk. 614-Dis.Pk/2019

Jawaban: a

11. Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Melak Cau.....

“Ku lantaran kuring mah resepna cau, kumaha lamun melak cau?” ceuk Sakadang Monyét.

“Hih, da uing gé resep cau mah!” témbal Sakadang Kuya.

Duanana sapagodos rék melak cau.

“Tapi dimana melakna?” Sakadang Monyét nanya.

“Ah, didinya wé di girang, di sisi leuwi. Didinya tanahna kosong, meujeuhna mun dikebonan”

“Naha lain di hilir waé atuh, deukeut basisir?”

“Didinya mah tanahna kurang hadé, geus campur jeung keusik”

.....

Geus sababaraha minggu kaliwat, maranéhna nempo ka kebon. Pelak Sakadang Monyét anu melak jantungna téh henteu jadi-jadi kalah ka buruk, sedengkeun pelak Sakadang Kuya anu melak anak cau téh beuki ngagedéan, malah morontod jadina ogé.

Pelak cau sakadang monyet teh henteu jadi, lantaran .....

A. Nu dipelakna anak cau

B. Nu dipelakna akarna

C. Nu dipelakna bonggohna

D. Nu dipelakna jantungna

E. Nu dipelakna sikina

Jawaban: D

12. Saha wae tokoh nu aya dina dongeng “Pamenta tilu rupa” .....

A. tukang angon, dunungan, batu

B. tukang angon

C. tukang angong jeung dunungan

D. dunungan, tukang angon, domba

E. tukang angon, dunungan, aki-aki

Jawaban: C

13. Saha nu nerjemahkeun novel “Saija” .....

A. Max Haveelar

B. Multatuli

C. R.T.A Sunarya

D. Eduard Douwes Dekker

E. Adinda

Jawaban: C

14. Paribasa anu mangrupa tarjamahan tina basa Indonesia nyaéta .....

A. Adam lali tapel

B. Wong becik ketitik wong ala ketara

C. Waktu sarua jeung duit

D. Aya hurang handapeun batu

E. Gindi pikir belang bayah

Jawaban: D

15. Paribasa indonesia "biar lambat asal selamat" hartina mirip jeung paribasa sunda .....

A. Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung

B. Kajeun kendor asal ngagѐmbol

C. kaduhung tara ti heula

D. Jauh-jauh panjang gagang

E. ulah gancang pincang

Jawaban: B

16. Dina carita sangkuriang kabeurangan, nu jadi bapak jeung indung sangkuriang nyaѐta .....

A. Hyang Widi jeung Dayang Sumbi

B. Wayungyang jeung Tumang

C. Tumang jeung Hyang Widi

D. Dayang Sumbi jeung Tumang

E. Wayungyang jeung Dayang Sumbi

Jawaban: D

17. Carita sangkuriang mangrupa asal muasal .....

A. Gunung Tangkuban Parahu

B. Bukit Tunggal

C. Sanghyang Tikoro

D. Wewengkon Sunda

E. Gunung salak

Jawaban: A

18. Baheula, di dinya téh tempat ngadu, ti mimiti ngadu kartu nepi ka ngadu hayam. Anu daratang ka dinya ngadon ngadu téh lolobana mah rampog, jawara, jeung tuan tanah. Kecap ngadu sarua hartina jeung .....

A. ulin

B. ameng

C. judi

D. mabok

E. cicing

Jawaban: C

B. Soal Essay Bahasa Sunda Kelas 10

19. Tengetan tabél di handap, bandingkeun eusina ditilik tina wangun, struktur jeung aspék kabahasaan?

Kawih És LilinKawih Jang
-És lilin mah didorong-dorong

-Dibantun mah dibantun ka Sukajadi

-Abdi isin dunungan samar kaduga

-Sok inggis mah aduh henteu ngajadi

-Jang

-Hirup téh teu gampang

-Teu cukup ku dipikiran

-Bari kudu dilakonan

Jawaban:

(a). Kawih klasik ”És Lilin” mah ditulis dina wangun sisindiran, kawih pop “Jang” mah henteu.

(b). Kawih klasik ”És Lilin” mah aya gaya basana, kawih Sunda pop mah langka.

20. Cik tétélakeun kalayan jéntré, kumaha struktur tina téks kawih Sunda klasik téh?

Jawaban:

Kawih Sunda klasik strukturna so kaya cangkang jeung eusi lantaran sok dituliskeun dina wangun puisi sisindiran téa.

21. Kumaha aspék kabahasaan tina kawih Sunda pop téh?

Jawaban:

Aspék kebahasaan nu digunakeun dina kawih Sunda pop umumna loba nu kurang merenah saupama dikaitkeun jeung tata basa urang Sunda. Loba nu ngagunakeun ragam basa loma jeung cohag.

22. Jieun tabél babandingan kawih Sunda klasik jeung pop?

Jawaban:

NoKawih Sunda KlasikKawihb Sunda Pop
1.Wangun rumpakana

umumna puisi

sisindiran;

Wangun rumpakana

umumna bébas;

2.Basa nu digunakeun

sakapeung buhun,

antukna hésé kahartina;

Basa nu digunakeun

leuwih babari kaharti;

3.Lolobana ngagunakeun

gaya basa;

Henteu loba nu

ngagunakeun

gaya basa;

4.Tina tangga nada

musikna nyaéta

péntatonis sabab

ngagunakeun

waditra Sunda

Tina tangga nada musikna

nyaéta diatonis sabab

ngagunakeun alat musik

siga Keyboard, Gitar jsb.

23. Aya sabaraha hiji jumlah aksara ngalagena téh? Tataan hiji-hijina!

Jawaban: 23 aksara ngalagena (ka, ga, nga, ca, ja, nya, ta, da, na, pa, ba, ma, ya, ra, la, wa, sa, ha, fa, va, qa, xa, za).

24. Aya sabaraha hiji jumlah aksara swara téh? Tataan hiji-hijina!

Jawaban: 7 aksara swara (a, e, é, eu, i, o, jeung u)

25. Tarjamahan tina kalimah “Saya merasa bangga menjadi orang Sunda” anu merenah nyaéta ...

Jawaban:Kuring ngarasa reueus jadi urang Sunda.

Baca juga artikel terkait BAHASA SUNDA atau tulisan lainnya dari Nurul Azizah

tirto.id - Pendidikan
Kontributor: Nurul Azizah
Penulis: Nurul Azizah
Editor: Addi M Idhom