Menuju konten utama

Soal Bahasa Sunda Kelas 11 Semester 1 dan Kunci Jawaban

Berikut contoh soal Bahasa Sunda kelas 11 semester 1 dan kunci jawabannya. Ada sejumlah 45 soal Bahasa Sunda kelas 11 pilihan ganda dan essay.

Soal Bahasa Sunda Kelas 11 Semester 1 dan Kunci Jawaban
Ilustrasi ujian. foto/Istockphoto

tirto.id - Contoh soal Bahasa Sunda kelas 11 semester 1 dan kunci jawabannya di artikel ini dapat menjadi bahan latihan untuk menghadapi ujian Penilaian Tengah Semester (PTS) maupun Penilaian Akhir Semester (PAS).

Soal-soal Bahasa Sunda kelas 11 semester 1 yang tersaji di bawah memuat pertanyaan pilihan ganda dan essay. Terdapat 30 soal pilihan ganda Bahasa Sunda kelas 11 serta 15 pertanyaan essay yang bisa dipelajari.

Sejumlah soal Bahasa Sunda kelas 11 dan jawabannya tersebut berisi pertanyaan tentang materi pelajaran semester 1. Misalnya, materi Sisindiran, Panata Acara, Biantara, dan lain sebagainya.

Bahasa Sunda termasuk dalam kelompok mata pelajaran muatan lokal (mulok) sehingga hanya diajarkan pada peserta didik di daerah tertentu, yakni Jawa Barat. Muatan lokal ini termasuk dalam daftar pelajaran yang diujikan dalam PTS maupun PAS.

Soal Bahasa Sunda Kelas 11 Semester 1

Contoh soal Bahasa Sunda kelas 11 berikut bisa dimanfaatkan untuk latihan soal. Caranya dengan mengerjakan soal lalu melihat kunci jawabannya. Siswa bisa mengerjakan contoh soal secara mandiri maupun bersama guru.

Berikut contoh soal Bahasa Sunda kelas 11 semester 1 dan kunci jawabannya:

A. Soal Pilihan Ganda Bahasa Sunda Kelas 11

1. Titenan téks di handap!

(1) Artikulasi kudu jelas

(2) Sora kudu béntés

(3) Raray kudu ekspresif

(4) Teu kudu aya pangregep

(5) Teu kudu jelas eusina

Nu kudu aya dina biantara sangkan jadi biantara anu hadé nyaéta ...

A. 1, 2, 3

B. 3, 4, 5

C. 5, 4, 1

D. 2, 4, 1

E. 1, 5, 3

Jawaban: A

2. (Teks) Ku sabab kitu, basa nu dipaké ku urang dina biantara téh alusna mah reumbeuy ku mamanis basa. Upamana diselapan ku babasan jeung paribasa, atawa bisa ogéku sisindiran. Malah mun bisa mah diselapan ogé ku kalimah-kalimah pinilih (kata-kata mutiara atawa kuotasi) nu kungsi ditepikeun ku hiji tokoh.

Numutkeun hidep éta hal bisa kaasup kana salasahiji hal nu diperhatikeun dina biantara nyaéta ….

A. Ngandung wirahma

B. Tatag nyaritana

C. Aktual témana

D. Alus basana

E. Munel eusina

Jawaban: D

3. (Teks) Biantara téh omongan urang kudu diatur gancang kendorna, tarik halonna, atawa luhur handapna. Tegesna, dina nepikeun biantara téh kudu maké lentong (lagu kalimah) anu hadé.

Numutkeun hidep éta hal bisa kaasup kana salasahiji hal nu diperhatikeun dina biantara nyaéta.....

A. Munel eusina

B. Aktual témana

C. Alus basana

D. Tatag nyaritana

E. Ngandung wirahma

Jawaban: E

4. Biantara miboga téma nu ku urang ditepikeun téh kudu aktual, lain téma-téma nu geus basi atawa geus lila. Hal ieu kaasup kana hal-hal nu diperhatikeun dina biantara nu disebut....

A. Munel eusina

B. Aktual témana

C. Alus basana

D. Tatag nyaritana

E. Ngandung wirahma

Jawaban: B

5. Biantara nu ditepikeun ku urang téh eusina loba pulunganeunana, atawa loba mangpaatna. Hal ieu kaasup kana hal-hal nu diperhatikeun dina biantara nu disebut …

A. Munel eusina

B. Aktual témana

C. Alus basana

D. Tatag nyaritana

E. Ngandung wirahma

Jawaban: A

6. Pikeun ngatur hiji acara upamana dina diskusi sang kan lumangsung kalawan lungsur langsar perluaayana panumbu catur, istilah séjen tina panumbu catur nyaéta téh nyaéta....

A. panata acara

B. master of ceremony

C. narasumber

D. sekretaris

E. pamilon

Jawaban: A

7. Tugas utama panata acara téh kawilang réana salahsahiji tugas utamana aya di handap ieu. Tugas utama panata acara dina diskusi téh minangka....

A. panglengkep

B. panengah

C. pamilon

D. pananya

E. pamaca

Jawaban: B

8. Dina unggal acara tangtuna kudu aya jalma nu ngatur acara sangkan kaguatanna lancer, dina kagiatan naon panata acara ngalaksanakeun tugasna?

A. ulang taun

B. kasenian

C. diskusi

D. pemilu

E. olahraga

Jawaban: C

9. Di handap ieu tugas-tugas utama panata acara,salasahiji tugas panata acara saméméh lumangsungna diskusi nyaéta .....

A. ngawasa masalah anu luyu jeung téma diskusi

B. teu kudu ngawasa masalah anu luyu jeung téma diskusi

C. henteu jadi panengah lamun aya konflik

D. teu méré kasempetan ka pamilon pikeun nanya

E. teu kudu ngatur lumangsungna diskusi

Jawaban: A

10. Panata acara téh kudu nyaho kana waktu nu disadiakeun pikeun diskusi, sangkan ....

A. diskusi lila waktuna

B. diskusi réa konflikna

C. diskusi réa nu nanya

D. diskusi bérés dina waktuna

E. diskusi teu saluyu jeung téma

Jawaban: D

11. Alhamdulillah, ieu kagiatan diskusi téh tos réngsé. Muga-muga mangpaat sareng jadi panyumanget kanggo urang dina ngajaga lingkungan. Hapunten tina sagala kalepatan. Wassalamualaikum wr.wb.

Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian ....

A. bubuka

B. ngawanohkeun narasumber

C. méré kasempetetan nanya

D. pedaran singget diskusi

E. panutup

Jawaban: E

12. Assalam’ualaikum wr. wb. Sampurasun! Ti payun urang sanggakeun puji sareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci anu tos masihan kaséhatan ka urang sadaya. Hatur nuhun ka sadérék panata acara anu tos masihan kasempetan ka sim kuring kanggo janten panumbu catur dina ieu kagiatan.

Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongn panumbu catur dina bagian ....

A. bubuka

B. ngawanohkeun narasumber

C. méré kasempetetan nanya

D. pedaran singget diskusi

E. panutup

Jawaban: A

13. Tugas panata acara mah béda jeung panumbu catur, sabab panata acara mah ....

A. mingpin sakabéh runtuyan acara

B. ngatur lumangsungna diskusi

C. jadi panengah dina diskusi

D. méré kasempetan nanya ka pamilon

E. méré pedaran singget kagiatan diskusi

Jawaban: B

14. Dina ieu kasempetan narasumber, Bapa Udin Supidin, ahli dina widang kaséhatan lingkungan, badé ngabahas matéri ngeunaan ‘Ngajaga Kaberesihan jeung Kaséhatan Lingkungan’.

Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian ....

A. bubuka

B. ngawanohkeun narasumber

C. méré kasempetetan nanya

D. pedaran singget diskusi

E. panutup

Jawaban: B

15. Tah, ayeuna ka pamilon ieu diskusi bisi aya anu can paham atawa panasaran kumaha ngajaga kaberesihan lingkungaan, mangga dipasihan waktu kanggo ngadugikeun pertanyaan ka narasumber Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian ....

A. bubuka

B. ngawanohkeun narasumber

C. méré kasempetetan nanya

D. pedaran singget diskusi

E. panutup

Jawaban: C

16. Tengetan ungkara ieu di handap!

(1) ngaran, lalandian, atawa jujulukna, (2) riwayat kalahiran jeung asal-usul kulawargana, (3) wangun fisik tokoh jeung pasipatanana, (4) riwayat pendidikan jeung pagawéanana, (5) pikiran atawa gagasanana, (6) karya atawa hasil gawé, (7) préstasi jeung pangajén (penghargaan) nu kungsi katarimana. Unsur-unsur diluhur kudu aya dina karya tulis nu disebut .....

A. Béwara

B. Biantara

C. Wawacan

D. Biografi

E. Artikel

Jawaban: D

17. Ieu di handap hal-hal anu ilaharna teu kaasup kana eusi biografi, nyaéta

A. Ngaran, tempat, titimangsa lahir, jeung kulawarga

B. Cita-cita jeung pangalaman atikan

C. Kakayaan jeung harta banda nu dipiboga

D. Pangalaman gawé jeung organisasi

E. Préstasi nu kungsi kacangking

Jawaban: C

18. Anu gabédakeun antara karya tulis biografi jeung otobiografi téh nya éta .....

A. Bentuk fisik jeung pasipatan indung bapana.

B. Riwayat pendidikan jeung pagawéanan

C. Béda nu nulisna

D. Tema jeung amanatna

E. Béda nu macana

Jawaban: C

19. Ramadhan KH, jenengan lengkepna Ramadhan Kartahadimadja, dipiwanoh ku saréréa minangka sastrawan nu kaasup produktif. Salah saurang putrana, pasti hidep arapal, nya éta pamaén musik (drum) Gilang Ramadhan. Sababaraha karyana meunang penghargaan, ti Badan Musyawarah Kebudayaan Nasional (BMKN), upamana waé kumpulan sajakna Priangan Si Jelita (1957), Nepi ka ayeuna, sajak-sajakna jadi bahan pamujian. Malah unggal nyebut Ramadhan KH, umumna jelema sok langsung ngaitkeun kana buku kumpulan sajak karyana, nyaéta Priangan Si Jelita téa. Dina wangun roman, Royal Revolusi (1970) dilélér hadiahku Unesco-Ikapi, novel Kemelut Hidup (1976) ti Déwan Kasenian Jakarta, satuluyna novel nu bieu dipilemkeun ku Asrul Sani. Unsur biografi nu kapanggih tina téks di luhur nyaéta .....

A. Riwayat atikan jeung pagawean

B. Dedeg jeung pasipatan

C. Karya, prestasi atawa hasil gawe

D. Cita – cita jeung pangharepan anu kahontal jeung nu can kahontal

E. Lalakon hirup nepi ka junun dina widangna

Jawaban: C

20. Taun 1967 Ajip Rosidi diangkat jadi dosén luar biasa di Fakultas Sastra Universitas Padjadjaran di Bandung. Salian ti éta anjeunna mindeng méré kuliah umum di rupa-rupa universitas di Indonésia. Diantarana di ITB, UNDIP, IKIP Negeri Bandung, jeung sajabana. Taun 1981 diangkat jadi Visiting Professor di Osaka Gaikokugo Daigaku di Osaka, Jepang nepi ka taun 2003. Taun 1983-1994 jadi Guru Besar Luar Biasa di Tenri Daigaku, Tenri, Nara. Taun 1983-1996 jadi Guru Besar Luar Biasa di Kyoto Sangyo Daigaku di Kyoto. Pénsiun sarta balik deui ka Indonésia taun 2003.

Sempalan téks di luhur eusina ngajelaskeun .....

A. pangajén anu kungsi katarima

B. riwayat atikan

C. riwayat pakasaban/pagawean

D. lalandian atawa julukan

E. tempat ping gumelar

Jawaban: C

21. Tengetan téks biografi ieu di handap!

(1) Dina taun 1935 dibenum jadi perwira KNIL (Koninklijke Nederland Indisch Leger) sarta ditempatkeun di batalyon X Jakarta, di Kompi Jawa. Lajeng di Kompi Manado sareng walanda totok. Kumargi nyekel deleg kana kasundaan, anjeuna alim disamikeun sareng urang Walanda. 2. Ramadhan Kartahadimadja, dipiwanoh ku saréréa minangka sastrawan nu kaasup produktif. Salah saurang putrana, pasti hidep arapal, nya éta pamaén musik (drum) Gilang Ramadhan. Sababaraha karyana meunang penghargaan, upamana waé kumpulan sajakna Priangan Si Jelita (1957), ti Badan Musyawarah Kebudayaan Nasional (BMKN).

(2) Ngaran lengkepna Cécép Burdansyah. Nénéhna mah Cécép. Anjeunna lahir di Ciwidéy, tanggal 23 Séptémber 1963. Mimiti ngarang ti keur SMP kénéh.

(3) Dina wangun roman, Royal Revolusi (1970) dilélér hadiahku Unesco-Ikapi, novel Kemelut Hidup (1976) ti Déwan Kasenian Jakarta, satuluyna novel nu bieu dipilemkeun ku Asrul Sani.

(4) Mang Koko teh teu reureuh – reureuh neuleuman seni karawitan. Ku tarekahna mang Koko, nu sasatna geus mukakeun gapura seni karawitan Sunda. Ku karancageanana geus nyiptakeun kaparigelan anu wilang revolusioner ku cara ngagarap seni kawitan tradisional kana cara wanda anyar.

Paragraf anu nuduhkeun salah sahiji unsur biografi prestasi nyaeta .....

A. 1, 2 jeung 3

B. 1, 2 jeung 4

C. 1, 2 jeung 5

D. 2, 3 jeung 4

E. 3, 4 jeung 5

Jawaban: B

22. Prof. Dr. Mikihiro Moriyama gumelar di Kyoto, Jepang, tanggal 16 Séptémber 1960. Kang Miki téh sarjana basa jeung sastra Sunda, anu ayeuna nyangking kalungguhan Profésor widang basa Indonésia di universitas Nanzan, Anjeunna nulis rupaning buku jeung éséy ngeunaan budaya citak jeung modérnitas ogé ngeunaan kawijakan basa di Indonésia. Narjamahkeun sastra kontémporér Indonésia kaasup karya Séno Gumira Ajidarma jeung Putu Wijaya kana basa Jepang. Ngajarkeun basa Indonésia ti taun 1988 di Jepang, kaasup nyusun buku pelajaran basa Indonésia keur siswa di Jepang.

Dina sempalan paragrap di luhur aya kecap gumelar anu hartina .....

A. tepang taun

B. milangkala

C. lahir

D. maot

E. palastra

Jawaban: E

23. Ramadhan KH, jenengan lengkepna Ramadhan Kartahadimadja, dipiwanoh ku saréréa minangka sastrawan nu kaasup produktif. Salah saurang putrana, pasti hidep arapal, nya éta pamaén musik (drum) Gilang Ramadhan. Sababaraha karyana meunang penghargaan, upamana waé kumpulan sajakna Priangan Si Jelita (1957), ti Badan Musyawarah Kebudayaan Nasional (BMKN).

Kecap dipikawanoh dina sempalan biografi di luhur sarua hartina jeung .....

A. dipikanyaah

B. dipikacinta

C. dipikadeudeuh

D. dikenal

E. dipikangewa

Jawaban: D

24. Ieu dihandap nu teu kaasup kana mangpaat biografi nyaéta .....

A. Diajar jeung ngeunteung kana pangalaman hirup hiji tokoh

B. Bisa maca gagasan / pikiran hiji tokoh

C. Biografi hiji tokoh bagian tina dokumén sajarah

D. Bahan sumber perdebatan

E. Méré pangajén ka hiji tokoh tina sagala jasajasana

Jawaban: D

25. Kagiatan nyarita di hareupeun balaréa kalayan nepikeun hiji jejer, nya éta disebut .....

A. Kawih

B. Biantara

C. Diskusi

D. Paguneman

E. Dakwah

Jawaban: B

26. Halim calon ketua OSIS nepikeun biantarana, visi misi na dicatet dina kertas. Dina prakna iantara henteu maca tapi sakali-kali ningali kana kertas anu dicepengna. Métode nu dipaké Halim dina nepikeun biantara nyaéta .....

A. Métode ngapalkeun atawa ditalar

B. Métode ngadadak atawa impromtu

C. Métode nyatetkeun bagéan-bagéan nu penting anu rék ditepikeun

D. Métode ngarang

E. Metode maca

Jawaban: C

27. Salasahiji maksud jeung tujuan tina biantara, nya éta .....

A. Nepikeun gagasan atawa eusi pikiran

B. Jadi tongtonan tapi teu kudu jadi tungtunan

C. Ngabingungkeun anu ngabandungan

D. Bisa ngagunakeun kalimah épéktif

E. Nimbulkeun harti anu euyeub keur anu ngabandungan

Jawaban: A

28. Babagian biantara anu eusina kacindekan jeung ngajak ka balaréa ngalaksanakeun nu ditepikeun dina biantara nya éta dina .....

A. Bubuka biantara

B. Salam bubuka biantara

C. Panutup biantara

D. Salam panutup biantara

E. Eusi biantara

Jawaban: C

29. Pa Tato biantara di payuneun tamu ti sakola Mitra Jerman. Dina prakna biantara Pa Tato henteu nyandak téks, aya interaksi sareng tamu tur gésturna ogé laluasa.

Métode nu dipaké Pa Tato dina nepikeun biantara nyaéta .....

A. Métode nyatetkeun bagéan-bagéan nu penting anu rék ditepikeun

B. Métode ngadadak atawa impromtu

C. Métode ngapalkeun atawa ditalar

D. Métode ngarang

E. Metode maca

Jawaban: C

30. Lamun aya nu keur biantara kudu répéh, ulah récét kitu!

Kecap répéh dina kalimah di luhur ngandung harti .....

A. Paréa-réa omong

B. Cicing bari luak-lieuk

C. Molotot teu ngiceup

D. Teu loba pamolah

E. Cicing teu nyarita

Jawaban: E

B. Soal Essay Bahasa Sunda Kelas 11

1. Jéntrékeun wangenan sisindiran!

Jawaban:Omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun/henteu togmol. Dina sisindiran biasana sok aya cangkang jeung eusi.

2. Jéntrékeun wanda sisindiran dumasar kana wangunna!

Jawaban:

  • a. Paparikan nya éta asal kecapna tina parik, anu sumebar tina parek, hartina, nya eta deukeut. Maksudna, padeukeutna sada atawa sora dina cangkang jeung eusi.
  • b. Rarakitan nya éta wangun sisindiran anu kecap awal unggal padalisan cangkang dibalikeun deui dina padalisan eusi, nepi ka siga masang rakit/ngarakit.
  • c. Wawangsalan nya éta diwangun ku sindir jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsal teh tara ditetelakeun tapi kudu diteangan tina bagian eusi. Anu dijieun wangsal teh sok murwakanti jeung salahsahiji kecap anu aya dina bagian eusi.

3. Jéntrékeun wanda sisindiran dumasar kana eusina!

Jawaban:

  • a. Piwuruk nya éta eusina ngeunaan nasehat/mamatahan;
  • b. Silihasih ngeunaan cinta/asmara;
  • c. Sésébréd ngeunaan heureuy/banyol.

4. Jéntrékeun kaidah-kaidah dina nulis sisindiran wangun rarakitan!

Jawaban:Unggal padalisan dina rarakitan umumna diwangun ku dalapan engang. Jumlah padalisan dina sapadana diwangun ku opat padalisan. Kecap awal dina cangkang dibalikeun deui dina kecap awal dina eusi.

5. Jéntrékeun sasaruan jeung bedana sisindiran rarakitan jeung paparikan!

Jawaban:Secara umum, saruana dina rarakitan jeung paparikan anu murwakanti téh cangkang jeung eusina. Padalisan kahiji cangkang murwakanti jeung padalisan kahiji eusi; padalisan kadua cangkang murwakanti jeung padalisan kadua eusi. Lamun bedana, Disebut rarakitan pedah kecap awal dina padalisan-padalisan cangkang dipaké deui dina padalisan eusi, nepi ka siga masang, ngarakit. Sipat kitu dipapandekeun jeung sipat rakit anu papak dina puhuna. Sedengkeun paparikanmah henteu papak (sarua) kecap dina puhuna.

6. Para hadirin, moal panjang nu kapihatur, rupina sakitu baé ti simkuring. Bobor sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun Sempalan biantara di luhur, kaasup kana bagian .....

Jawaban: Panutup biantara.

7. "Pidato mah kudu singget tapi mundel, lain ngayayay kitu. Anu dimaksud ngayayay dina kalimah di luhur, nyaéta .....

Jawaban:Nyaritana papanjangan.

8. Hal-hal nu kudu diperhatikeun dina nepikeun biantara, nyaéta .....

Jawaban: Sora kudu bedas tur jéntré, supaya kadéngé ku sakumna anu hadir.

9. Nu kaasup kalimah bubuka dina biantara nyaéta.....

Jawaban: Sadaya puji mung kanggo Anjeunna, Gusti Alloh nu Maha Kawasa. Salam kahormatan kasanggakeun ka jungjunan urang, Rosululloh Muhammad SAW. Teu hilap ka kulawarga, parasohabat, sareng umatna, insyaAlloh kalebet urang sadayana. Amin!

10. Jelaskeun numutkeun pamanggih hidep naon anu disebut panata acara téh?

Jawaban:Panata acara atawa sok disebut moderator téh nyaéta nu ngatur lumangsung kagiatan diskusi atawa rapat.

11. Panata acara téh boga tugas anu réa pék ku hide sebutkeun tugas utama panata acara!

Jawaban:Tugas utama panata acara téh minangka panengah atawa wasit dina kagiatan diskusi.

12. Cik jéntrékeun naon waé tugas panata acara saméméh lumangsungna diskusi?

Jawaban:

Tugas panata acara saméméh lumangsungna diskusi nyaéta:

  • a. ngawasa masalah;
  • b. mikanyaho kaayaan pamilon;
  • c. mikanyaho biodata jeung pagawéan narasumber;
  • d. nyiapkeun buku catetan pikeun nyatet poko-poko penting dina diskusi; sarta
  • e. nyiapkeun pakéan anu sopan.

13. Pék jéntrékeun naon waé tugas panumbu catur dina lumangsungna diskusi?

Jawaban:

Tugas panata acara dina lumangsungna diskusi nyaéta:

  • a. datang leuwih awal ti batan pamilon;
  • b. mariksa sagalarupa hal nu ngadukung lumangsungna diskusi;
  • c. ngawanohkeun diri ka narasumber saméméh dimimitian acara;
  • d. maca heula biodata unggal narasumber kalawan bener;
  • e. ngatur jalanna diskusi, ngatur nu nanya, jeung bisa jadi panengah upama aya konflik;
  • f. bisa nyindekkeun hasil diskusi.

14. Tuliskeun struktur omongan panata acara dina lumangsungna diskusi!

Jawaban:Struktur omongan panata acara téh ngawengku bubuka, ngawilujengkeun ka pamilon jeung pedaran singget kagiatan diskusi, ngawanohkeun narasumber jeung topik diskusi, méré waktu ka narasumber pikeun medar matéri, méré kasempetan nanya ka pamilon, jeung panutup.

15. Naon waé ciri-ciri prak-prakan biantara anu hadé!

Jawaban:

  • a. Ngagunakeun artikulasi anu jelas;
  • b. Ngagunakeun wirahma;
  • c. Eusina munel;
  • d. Katepikeun eusi biantara;
  • e. Sorana jelas;
  • f. Katingali nu biantarana.

Baca juga artikel terkait BAHASA SUNDA atau tulisan lainnya dari Nurul Azizah

tirto.id - Pendidikan
Kontributor: Nurul Azizah
Penulis: Nurul Azizah
Editor: Addi M Idhom