Menuju konten utama

2 Contoh Teks MC Maulid Nabi Bahasa Sunda untuk Pembawa Acara

Contoh teks MC Maulid Nabi bahasa Sunda bisa dimanfaatkan untuk pembawa acara. Simak kumpulan contoh teks.

2 Contoh Teks MC Maulid Nabi Bahasa Sunda untuk Pembawa Acara
Ilustrasi maulid nabi Muhammad. FOTO/iStockphoto

tirto.id - Peringatan Maulid Nabi diselenggarakan dalam rangka merayakan hari lahir Nabi Muhammad saw. Contoh teks MC Maulid Nabi dalam bentuk bahasa Sunda bisa digunakan untuk pembawa acara.

Nabi Muhammad saw. lahir pada tanggal 12 Rabiul Awal. Hari kelahiran Rasulullah saw. kemudian diperingati umat Islam sebagai Maulid Nabi.

Pada tahun ini, Maulid Nabi 12 Rabiul Awal 1446 Hijriah menurut kalender Islam bertepatan dengan hari Senin, 16 September 2024 versi Masehi.

Peringatan Maulid Nabi 1446 H termasuk hari libur nasional 2024 alias tanggal merah. Umat Muslim kerap mengisi lewat berbagai kegiatan keagamaan. Di antaranya pengajian, santunan anak yatim, pawai Maulid Nabi, khataman Al-Quran, pembacaan Maulid, hingga panggung shalawat.

Oleh sebab itu, panitia acara membutuhkan seorang Master of Ceremony (MC) guna memperlancar jalannya peringatan Maulid Nabi.

Kumpulan Contoh Teks MC Pembawa Acara Maulid Nabi Bahasa Sunda

Pembawa acara atau MC sering kali menggunakan bahasa daerah ketika terlibat dalam beberapa acara Maulid Nabi. MC bertugas memandu jalannya acara agar berlangsung dengan lancar dan tertib.

Berikut ini kumpulan contoh teks MC pembawa acara Maulid Nabi bahasa Sunda:

Contoh 1

Assalamua’laikum Warohmatullohi Wabarokatuh

Allhamdu lillahi robbil ‘aalamin wabihi nasta’iin ‘alaa umuriddunyaa waddiin washsholaatu wasalaamu ‘alaa asyrofil ambiyaa i wal mursaliin wa ‘alaa aalihia wasohbihii ajmaiin amma ba’du.

Anu ku simkuring dipihormat Bapa/Ibu Kepala Desa (.......) sinareng perangkatna, Bapa Ketua RW miwah jajarannana, Para Tokoh Agama, Alim Ulama, para sesepuh, pamuda pamudi oge para Bapa para Ibu, hadirin anu sami-sami ku simkuring dipihormat.

Langkung ti payun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka Allah SWT, anu mana kalayan rahmat sareng karuniana urang sadaya tiasa ngariung mungpulung paamprok jonghok patepang raray dina raraga Mulud Nabi dina 12 Mulud 1446 Hijriah ieu.

Sholawat miwah salam mugia salamina ngalimpah ruah ka junjunan urang sadaya Habibana Wanabiyana Muhammad SAW, ka para kulawargina, ka para Sahabatna, ka para tabiin tabiatna oge teu ka kantun ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat sareng tumut kana ajarana. Amin ya Allah Yarobbal a’lamin.

Hadirin sadaya anu ku simkuring dipihormat. hapunten sateuacana simkuring kumawantun ngadeg di payuneun bapak/kalih ibu sadaya boh bilih dina mingpin ieu acara seueur kalepatan sareng kakirangannana simkuring neda hapunten anu saageung-ageungna.

Sim kuring bade maoskeun sababaraha mata acara anu baris di pidangekun dina wengi ieu. Dupi susunan acara anu baris kapidangkeun dina wengi ieu teh, anu ka hiji nyaeta Bubuka, anu kadua galindengna ngaos ayat suci Al-Quran sareng shalawat, anu katilu sambutan ti (.......), anu kaopat acara inti nyaeta Kultum “Uraian Hikmah Mulud Nabi” , anu kalima sakaligus acara pamungkas nyaeta do’a sinareng panutup.

Bubuka

Hadirin sadaya anu sami dipihormat, supados teu nyangkolong kana waktos mangga urang buka acara anu kahiji nyaeta bubuka, mangga urang sami-sami buka ieu acara ku maoskeun Basmallah kalayan sasarengan,

"Bismillahirrohmanirrohim".

Alhamdulillah ieu acara, parantos resmi dibuka ku urang sadayana. Mugia ku diaoskeun basmalah, ieu acara ti kawit dugi ka akhir sing aya dina kalancaran tur kagampilan, oge mugia dilingkupan ku rohmat sareng barokah ti allah SWT. Amiin.

Bacaan Ayat Suci Al-Qur'an sareng Sholawat

Mangga urang lajengkeun kana acara anu salajengna nyaeta galindengna aosan kalam Ilahi sareng shalawat, anu bade di aoskeun ku al-mukarrom al-ustadz Bapa (....). Ka kersana Bapa (...) sumangga dihaturanan.

Hatur nuhun ka Ka kersana Bapa Ustadz (....) anu parantos maoskeun kalam ilahi sareng shalawatna, mudah-mudahan khusus kanggo anu maosna, umumna kanggo urang sadaya sing kenging barokah tina aosan ayat suci al-quranna, amiin YRA.

Sambutan

Para Bapa Ibu hadirin anu sami linggih, rengse acara anu kadua, mangga urang teraskeun kana acara anu katilu nyaeta sambutan. Kumargi sakitu ka kersana (....) dihaturanan.

Hatur nuhun ka (....) anu parantos masihan sambutan, pamudah-mudahan urang sadaya kenging mangfaat tin sambutan anu parantos didugikeun.

Acara Inti

Para Bapa Ibu hadirin anu sami linggih, rengse acara anu katilu mangga urang teraskeun kana acara anu kaopat nyaeta acara nu tos diantos-antos ku urang sadaya, kultum "Uraian Hikmah Mulud Nabi". Kultum ieu bade didugikeun ku kersana guru urang sadaya (.......). Nanging sateuacanna simkuring umajak ka hadirin sadaya ka kersana (.....) sumangga dihaturanan.

Hatur nuhun ka Bapa (....) anu parantos masihan uraian hikmahna pamudah-mudahan urang sadaya kenging syafaat, ti mantenna, Amin! Ya Allah Ya Robbal a’lamin.

Pamungkas

Hadirin sadaya anu sami berbahagia, rengse acara anu ka genep, mangga urang teraskeun kana acara anu pamungkas nyaeta do’a atanapi panutup, kangge nutup ieu acara mangga urang sasarengan maos Hamdalah. Allhamdulillahirobbila’lamin.

Para Bapa Ibu hadirin sadaya anu sami dipihormat. Allhamdulilah acara katut acara parantos ku urang sadaya dilaksanakeun, kalayan teu aya halang harungan naon-naon. Ka sadaya anu sami darongkap hatur nuhun pamudah-mudahan dina dongkapna hadirin sadaya ngahijikeun salah sahiji amal soleh kangge hadirin sadaya.

Sim kuring salaku pangjajap acara nuhunkeun dihapunten tina samudaya kakiranganana, hatur nuhun tina sagala perhatosanana. Akhirul kalam Wabillahitaufik Walhidayah

Wassalamua’laikum Warohmatullahi Wabarokatuh.

PERINGATAN MAULID NABI MUHAMMAD SAW

Remaja masjid bermain rebana mengiringi pembacaan risalah Maulid saat peringatan Maulid Nabi Muhammad SAW di Masjid Muyassarin, Kebayoran Lama, Jakarta, Sabtu (8/10/2022). ANTARA FOTO/Muhammad Iqbal/rwa.

Contoh 2

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Alhamdulilahirobil alamin wasolatu wasalamu ala asrifil anbiyai wal mursalin wa ala alihi wasoh bihi ajmain (amma ba’du).

Sateuacana urang ngamimitian, hayu urang panjatkeun puji syukur ka Allah SWT anu parantos mikeun kasempetan pikeun urang tiasa ngarayakeun Mulud Nabi 1446 Hijriah ieu dina kaayaan sehat tur bingah. Selawat sareng salam mugi tetep kauninga ka Nabi Muhammad SAW, panutan urang sadaya, anu parantos nuntun urang kanu jalan kaleresan.

Hadirin sadaya anu ku sim kuring dipihormat. Supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga ieu acara urang buka wae ku ngaos basmalah sasarengan.

Bismillahirrahmairrahim.

Dina kasempetan ieu, nepangkeun abdi (.....) nu Insya Allah bakal janten MC dina acara ieu bade ngadugikeun runtuyan acara, nyaeta:

1. Ngaos Al-Qur'an nu bakal dipidangkeun ku (.....)

2. Biantara ngeunaan Mulud Nabi ti (.....)

3. Doa bersama nu bakal dipingpin ku (....)

4. Pamungkas

Hayu urang ngadangukeun pangaosan kalam ilahi anu bade dipidangekun ku (........). Hatur nuhun ka ..... nu tos midangkeun ayat Al-Qur;an. Mugi-mugi jadi pahala kangge sadayana.

Salajengna nyaeta biantara ngenaan Mulud Nabi atanapi kalahiran Rasulullah SAW nu jadi rahmat bagi urang jalma akhir zaman. Ka (.....) mangga dihaturankeun.

Hatur nuhun ka Bapa (....) anu parantos masihan biantara Mulud Nabi, pamudah-mudahan urang sadaya kenging nuturkeun tauladan jeung hikmah tina lahirna Rasulullah jeung tiasa nambah wawasan urang sadaya. Ya Allah Ya Robbal a’lamin.

Acara saterasna nyaeta doa babarengan nu bakal dipingpin ku (......). Ka (.....) waktos sareng tempatna urang haturanankeun. Hatur nuhun ka (.......), mugi-mugi doa urang sadaya dina Mulud Nabi ieu kin janten barokah. Aamiin.

Alhamdulillah, urang parantos ngaréngsékeun sakabéh runtuyan acara ngadjégkeun Mulud Nabi Muhammad SAW. Acara urang buka ngangge bacaan basmallah, teras hayu urang nutup ieu acara ku sasarengan maos Hamdalah. Allhamdulillahirobbila’lamin.

Sim kuring nyuhunkeun dihapunteun anu seeur pami aya kalepatan kecap atanapi polah.

Wassalamua’laikum Warohmatullahi Wabarokatuh.

Baca juga artikel terkait MAULID NABI 2024 atau tulisan lainnya dari Nisa Hayyu Rahmia

tirto.id - Edusains
Kontributor: Nisa Hayyu Rahmia
Penulis: Nisa Hayyu Rahmia
Editor: Beni Jo & Yulaika Ramadhani