tirto.id - Contoh teks sambutan ketua panitia maulid bahasa Sunda bisa menjadi panduan dalam setiap acara peringatan kelahiran Rasulullah SAW. Simak beberapa contoh sambutan panitia Maulid Nabi bahasa Sunda di dalam artikel ini.
Maulid Nabi merupakan peringatan hari kelahiran Rasulullah SAW yang dirayakan setiap tanggal 12 Rabiul Awal (Bulan Maulid) menurut kalender Islam atau Hijriah. Tujuan dan keutamaan Maulid Nabi meliputi wujud rasa bahagia dan syukur atas kelahiran beliau.
Pasalnya, Nabi Muhammad telah membawa rahmat dan meneguhkan hati para muslimin dan muslimat. Untuk mengingat kembali perjuangan Rasulullah SAW semasa hidupnya, panitia bisa menyelenggarakan agenda tertentu seperti pengajian dan selawatan.
Contoh Teks Sambutan Panitia Maulid Nabi Bahasa Sunda
Salah satu keutamaan Maulid Nabi adalah momen yang tepat untuk memperbanyak amalan, seperti berselawat dan membaca Al-Qur’an. Adapun Keberadaan sebuah panitia turut menyukseskan rangkaian acara peringatan Maulid Nabi.
Pembentukan panitia berguna untuk menyemarakkan sekaligus memeriahkan hari lahir Rasulullah SAW lewat berbagai kegiatan. Salah satu orang yang mewakili panitia, baik itu anggota atau ketua panitia, biasanya diminta untuk memberikan kata-kata sambutan.
Teks sambutan ketua panitia maulid bahasa Sunda dapat menjadi salah satu opsi penyampaian. Dengan menggunakan bahasa daerah, contoh sambutan bahasa Sunda ketua panitia Maulid Nabi bisa terdengar lebih akrab.
Berikut adalah beberapa contoh teks sambutan panitia Maulid Nabi bahasa Sunda.
1. Contoh Teks Sambutan Panitia Maulid Nabi
Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.Bapak Ibu nu ku sim kuring dipihormat sareng mudah-mudahan ku Allah SWT dimulyakeun. Langkung tipayun hayu urang sami-sami manjatkeun puji sareng sinareng syukur kahadirat Allah SWT.
Sholawat sinareng salam mugia salamina dilimpah surahkeun kapanutan alam ya ni Habibana Wanibiyana Muhammad SAW. Teu kantun ka kaluargana, ka para sahabatna, ka tabiinna, termasuk ka urang sadayana anu janten salaku umat nabi akhir jaman sareng mudah-mudahan urang sadaya kengeng Syafaatull udmana di Saumill Kiamah, amin ya rabbalamin.
Sim kuring atas nami kaluarga rengrengan kapanitiaan bade haturkeun nuhun ka Bapak Ibu anu parantos hadir dina ieu tempat dina raraga Muludan atanapi Maulid Nabi, pikeun miéling dinten dilahirkeunnana jungjungan urang nyaeta Rasulullah SAW.
Salajeungna sim kuring ngahaturkeun nuhun kawarga masyarakat nu parantos ngiring ngabantosan kana ieu acara baik harta maupun tanaga sareng emutannana. Sim abdi yakin atas dorongan ti sadaya na ieu acara Muludan tiasa terlaksana, anu pamudah-mudahan Allah ngabales ku berlipat ganda. Aamiin ya rabbal Alamiin.
Rupia sakitu anu tiasa kasanggakeun ti sim kuring atas nami panitia, atuh kirang sareng langkungna mohon dilepatan. Wabillahi taufik-walhidayah.
Wassalam’mualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

2. Contoh Teks Sambutan Panitia Maulid Nabi
Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.Alhamdulillah, puji sinareng syukur urang panjatkeun ka Allah SWT anu parantos masihan urang sadaya nikmat iman, nikmat Islam, sareng nikmat kaséhatan janten urang sadaya tiasa riung mungpulung di ieu tempat kanggo miéling Maulid Nabi.
Salawat sareng salam urang sanggakeun ka junjunan urang Nabi Muhammad SAW, nabi panungtung anu parantos mawa urang tina jaman jahiliyah ka jaman anu pinuh ku cahya Islam.
Ka para sesepuh, tokoh agama, tokoh masyarakat, wargi sadaya anu ku simkuring dipikahormat, sareng ka sadaya hadirin anu ku simkuring dipikacinta.
Nabi Muhammad SAW, pamimpin urang sadaya nu parantos ngaping kana jalan kasaean. Acara ieu dilaksanakeun sanés ngan saukur pikeun mieling kalahiran Nabi, tapi ogé pikeun ngélingan diri urang sadaya dina pentingna ngamalkeun ajaran-ajaran Nabi Muhammad SAW dina kahirupan sapopoe. Urang di dieu kalayan niat ibadah sareng silaturahmi.
Dina kasempetan ieu, sim kuring salaku wawakil ti panitia, seja ngahaturkeun nuhun nu saageung-ageungna sadaya anu parantos ngarojong pikeun ngamajukeun acara ieu, boh ti sisi waktu, pikiran, atanapi tenaga. Mugi amal sae urang sadaya diridhoi ku Allah SWT. Aamiin ya Rabbal Alamiin.
Simkuring ngaharepkeun mugi-mugi ieu acara tiasa masihan mangpaat anu ageung pikeun urang sadaya, ngajadikeun urang langkung sumanget dina ngajalankeun ajaran Islam, sareng ngaronjakeun rasa cinta urang ka Allah SWT.
Hapunten anu kasuhun upami dina ngayakeun ieu acara masih seueur kakuranganana. Mugia para wargi tiasa ngahapunten.
Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
3. Contoh Teks Sambutan Ketua Panitia Maulid Bahasa Sunda
Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.Para tamu undangan anu dipikahormat,
Sim kuring ngahormat ka sakumna panitia acara Maulid Nabi sarta stafna,
Sim kuring ogé ngahormat tur ngarasa reueus ka sadaya hadirin anu parantos sumping dina ieu acara.
Anu kahiji, hayu urang sami-sami ngahaturkeun puji sareng syukur ka Allah SWT anu parantos maparinan mangrupi-rupi ni'mat sareng kurnia, di antawisna ni'mat yuswa panjang sahingga urang tiasa ngempel di tempat ieu dina kaayaan séhat wal'afiat sarta teu kakurangan nanaon.
Hayu urang ngahaturkeun shalawat sareng salam ka junjungan urang, Nabi anu janten panutan umat manusa, nyaéta Nabi Muhammad SAW, anu parantos mawa urang sadaya tina kagelepan nuju jalan kasalametan.
Sim kuring ngahaturkeun nuhun ka panata acara anu parantos masihan kasempetan kanggo nepikeun biantara dina acara peringatan Maulid Nabi Muhammad SAW dinten ieu.
Sim kuring ogé ngahaturkeun nuhun ka sakumna warga sareng hadirin anu parantos sumping dina acara peringatan Maulid Nabi Muhammad SAW tanggal 12 Rabiul Awwal (sesuaikan) H.
Hadirin sadaya anu dipikanyaah ku Allah SWT,
Hayu urang jadikeun momen Maulid Nabi Muhammad SAW ieu salaku bahan renungan pikeun urang dina nyontoan akhlak mulia Nabi Muhammad SAW.
Hayu urang jadikeun momen Maulid Nabi ieu pikeun ningkatkeun kataatan sareng katakwaan ka Allah SWT, sarta ningkatkeun rasa cinta urang ka Nabi agung urang, nyaéta Nabi Muhammad SAW.
Mung sakitu anu tiasa kapihatur, hapunten bilih aya kalepatan, sareng hatur nuhun kana waktos sarta perhatosan sadayana.
Wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Demikian sejumlah contoh teks sambutan ketua panitia Maulid bahasa Sunda yang bisa menjadi rujukan bagi pembicara. Pastikan juga untuk memantau artikel tentang Maulid Nabi di sini.
Penulis: Nisa Hayyu Rahmia
Editor: Beni Jo & Yulaika Ramadhani
Penyelaras: Yuda Prinada
Masuk tirto.id






































