tirto.id - Sejumlah teks Master of Ceremony (MC) peringatan Isra Miraj menggunakan bahasa Sunda dapat menjadi acuan bagi masyarakat yang bertugas memandu acara.
Isra Miraj adalah peristiwa spiritual Nabi Muhammad saw ketika melakukan perjalanan dalam semalam dari Baitul Haram di Makkah menuju ke Masjid Al Aqsa di Palestina. Kemudian, Rasulullah melanjutkan perjalanan menuju Sidratulmuntaha yang ditemani oleh malaikat Jibril.
Perjalanan Isra Miraj Nabi Muhammad saw berlangsung dalam waktu kurang dari semalam. Dalam perjalanan tersebut, Rasulullah mendapatkan perintah langsung dari Allah untuk menunaikan shalat lima waktu.
Berdasarkan Kalender Hijriah Global Tunggal (KHGT) Muhammadiyah, peringatan Isra Miraj jatuh pada Jumat, 16 Januari 2026 atau 27 Rajab 1447 H.
Mengacu pada Surat Keputusan Bersama (SKB) 3 Menteri tentang libur nasional dan cuti bersama 2026, 16 Januari 2026 ditetapkan sebagai hari libur nasional untuk memperingati Isra Miraj.
Teks MC Isra Mi'raj Bahasa Sunda
Isra Miraj terjadi pada masa yang disebut Amul Huzni atau tahun kesedihan. Peristiwa ini terjadi tak lama setelah Nabi kehilangan dua pendukung utama, yaitu istrinya, Khadijah dan pamannya, Abu Thalib.
Di Indonesia, peringatan Isra Miraj digelar di berbagai daerah, termasuk di wilayah Sunda. Peringatan berlangsung di masjid, musala, kantor, dan tempat-tempat lainnya.
Biasanya, acara peringatan Isra Miraj juga turut menghadirkan pembicara dan membaca kisah-kisah nabi. Agar acara berjalan lancar dan tertib, maka dibutuhkan MC untuk memandu jalannya acara agar sesuai dengan konsep.
Berikut teks MC Isra Miraj bahasa Sunda yang dapat menjadi acuan:
Teks MC Bahasa Sunda 1
Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh
Bapa Kepala SMA ...... anu ku sim kuring dipihormat Bapa Ustad (.......) anu ku sim kuring dipihormat Bapa/Ibu guru kalih réngréngan tata usaha anu ku sim kuring dipihormat, teu kakantun réréncangan sadaya anu ku sim kuring dipikareueus
Langkung ti payun sumangga urang manjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Nu Maha Suci, Allah Swt, anu parantos ngalélérkeun ni’mat sareng kasehatan dugi ka urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu tempat kanggo pangimut dinten Isra Miraj Nabi Muhammad.
Solawat sinareng salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang, Kangjeng Nabi Muhammad, ka kulawargina, sohabatna, tug dugi ka urang salaku umatna dugi ka dinten kiamah. Aamiin.
Sim kuring ngadeg di payuneun hadirin sadaya wiréh kapancénan salaku panata acara seja ngadugikeun sababaraha acara anu baris kasanggakeun, di antawisna :
- Bubuka
- Laporan ti Ketua Panitia Pelaksana
- Pamapag ti Bapa Kepala SMA N 1 Jalaksana
- Tausiyah
- Doa/Panutup
Acara kadua nyaeta laporan Ketua Panitia Pelaksana. Ka Sadérék (....) mangga dihaturanan ka payun. MC : Hatur nuhun ka Sadérék (....) anu parantos ngadugikeun laporanana. Nincak kana acara katilu, pamapag ti Bapa Kepala SMA ...... . Ka Pangersa Bapa ...... , waktos sinareng tempat disayogikeun.
MC : Hatur nuhun ka kersana Bapa ....... , anu parantos ngadugikeun pamapagna. Nincak kana acara kaopat, nya éta taushiyah ti (.....) Sumangga (....), waktos sinareng tempat disayogikeun. MC : Hatur nuhun ka kersana (.....) anu parantos ngadugikeun taushiyahna.
Nincak kana acara nu terakhir, nya éta panutup. Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah. Alhamdulillahirabbil‘alamin. Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur.
Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka rerengrengan panitia anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu. Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah.
Billahi taufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb.
Teks MC Bahasa Sunda 2
Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh
Hadirin ikhwanul muslimin wal muslimat, mu’minin wal mu’minat anu insya Allah dimulyakeun ku Allah. Urang sadaya, khususna pribados panata acara, kalintang reueus tur bingah taya papadana, wireh para inohong, pinisepuh, alim ulama, pamangku wilayah parantos katingal rempeg, sarumping ka ieu majlis.
Pa Lurah sinareng Ibu, Pa RW sinareng Ibu, Pa Kiyai Haji Zainudin, Bapa RT, para inohong, pinisepuh, alim ulama, hadirin anu ku sim kuring dipihormat sareng mugi dimulyakeun ku Allah nu Maha mulya
Dupi runtuy acara anu nuju sareng baris lumangsung nyaeta:
- Bubuka
- Tilawah Al Quran sareng tarjamah
- Sambutan ti pamangku acara ngarangkep pupuhu lembur (Ketua RW)
- Tausiah/hikmah Maulid
- Du’a
- Panutup
Ka saderek Maratul sareng Kamila, sumangga, haturan! Hatur nuhun ka saderek Maratul sareng Kamila nu tos maos Quran, mugia Allah maparin ganjaran ku pirang-pirang kasaean khusus ka nu maosna, oge urang nu ngadanguna.
Salajengna acara ka 3, sambutan ti pupuhu lembur urang, kersana Bu RW nu ngarangkep pupuhu acara muludan ieu. Pangersa Ibu RW, sinareng hormat, sumangga, haturan! Hatur nuhun ka pupuhu lembur urang nu dipihormat.
Salajengna acara ka 4 minangka acara nu utami nu dianti-anti nyaeta tausia atanapi hikmah maulid Nabi Muhammad saw nu baris didugikeun ku Al Mukarom Bapa (.............). Sinareng hormat, Al Mukarom Bapa (.............), sumangga, haturan!
Alhamdulillah wa syukurillah, hatur nuhun ka Al-Mukarrom Bapa (.............) anu parantos maparin tausiah anu teu kinten munelna tur eces jelentre. Mugia urang tiasa ngala hikmahna kanggo ngaronjatkeun iman sinareng takwa.
Salajengna acara ka 5, maos du’a nu baris dipingpin ku kersana Bapak (.............). Sinareng hormat, Bapak Ustad Sigit Aryo, sumangga, haturan!
Rupina runtuyan acara parantos rengse, pribados panata acara nyuhunkeun dihapunten bilih langkung saur bahe carek, bobo sapanon carang sapakan, nyuhun dihapunten tina sagala kakirangan, kirang tata, kirang basa, tebih tina kasampurnaan.
Mangga urang sasarengan maos du’a panutup: Subhanakallahumma wa bihamdika asyhadu al-laa ilaaha illaa anta astaghfiruka wa atuubu ilaik.
Wassalamualikum wr wb.
Teks MC Bahasa Sunda 3
Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh
Sampurasun, langkung ti payun widian simkuring ngadugikeun hatur séwu nuhun kana saniskanten perhatosan Bapa Pupuhu (Nama sakola/pesantren/jst)
Anu ku simkuring dipihormat, Bapa Ustad (.............) Anu ku simkuring dipihormat, Bapa/Ibu guru anu ku simkuring dipihormat, sarta réréncangan sadaya anu ku simkuring dipikadeudeuh.
Tipayun hayu urang sami-sami manjatkeun puja-puji ka dzat Allah anu Maha Kawasa, sinareng syukur ka dzat Allah anu Maha Ghafur. kalayan nikmat ti Allah urang sadaya tiasa kumpul mungpulung, patepang raray dina raraga kagiatan Isra Miraj Nabi Muhammad.
Solawat miwah salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang sadaya, Kangjeng Nabi Muhammad saw, sarta ka kulawargina, sohabatna, tug dugi ka urang salaku umatna dugi ka dinten kiamah. Amiin yaa robbal alamin…
Ngadégna simkuring di payuneun hadirin sadaya wiréh kapancénan tugas salaku panata acara anu badé ngadugikeun sababaraha acara Isra Mi'raj anu baris kasanggakeun, nya éta di antawisna :
- Bubuka (Maca basmallah)
- Maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun solawat nabi
- Laporan ti Ketua Panitia Pelaksana
- Pamapag ti Bapa Pupuhu sakola
- Taushiyah ti ustad (nama ustad)
- Doa/Panutup
(Bismillahirrahman nirrahim..)
Acara kadua, nyaeta pamaosan ayat suci Al-Quran sareng solawat nabi. Ka Sadérék (Nama pembaca alqur’an) mangga dihaturanan.
(Maos ayat suci alqur’an sarta solawat nabi)
Acara salajengna nyeta nu katilu, laporan Pupuhu Panitia Pelaksana. Ka Sadérék (nama ketua panitia) mangga dihaturanan ka payun.
(Laporan ketua panitia)
Nincak kana acara ka opat, pamapag ti Bapa pupuhu (Nama tempat acara) Ka Pangersa Bapa (Nama kepala sekoah/jst), waktos sinareng tempat disayogikeun.
(Pamapag ti kepala sekolah)
Hatur nuhun ka kersana Bapa (Nama kepala sekolah), anu parantos ngadugikeun pamapagna.
Acara salajengna nyaeta acara inti atawa nu kalima, nya éta taushiyah ti Bapa Ustad (.............), Sumangga Bapa (.............), waktos sinareng tempat disayogikeun.
(Taushiyah)
Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad (Nama ustad) anu parantos ngadugikeun taushiyahna, mugi-mugi elmu anu parantos didugikeun manfaat sareng barokah kangge urang sadayana.
Nincak kana acara nu terakhir, nyaéta panutup atawa doa, anu baris dipingpin ku Bapa Ustad (Nama ustaz). Sumangga Bapa Ustad (Nama ustad), dihaturanan kanggo mingpin doa.
(Maca doa)
Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustaz (.............), anu parantos mingpin doa ti kesempatan acara Isra Mi'raj 1443 H ieu.
Mugia do’a urang sadaya di kobul ku Allah SWT. Aamiin. Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah sasarengan.
(Alhamdulillahirabbil‘alamin)
Akhirul kalam, billahi taufik walhidayah wassalamu’alaikum warohmatullah wabarokatuh.
Info lebih lanjut tentang Isra Miraj dapat diakses melalui tautan Tirto.id di bawah ini:
Penulis: Sarah Rahma Agustin
Editor: Beni Jo
Masuk tirto.id






































