tirto.id - Contoh pidato Bahasa Sunda tentang 17 Agustus pendek, dapat menjadi panduan penyusunan teks untuk kata sambutan HUT RI ke-80. Pidato Bahasa Sunda tentang kemerdekaan lazim penggunaannya pada masyarakat di Jawa Barat. Pidato bahasa daerah seperti ini lebih akrab bagi masyarakat setempat.
Pidato menyambut hari kemerdekaan melekat pada berbagai kegiatan. Contohnya digunakan saat tirakatan, syukuran HUT RI, pentas seni 17 Agustus, dan sebagainya. Isinya dapat berupa ungkapan rasa syukur hingga harapan agar kemerdekaan RI dapat dipertahankan dan diisi dengan berbagai hal positif.
Pembuatan pidato 17 Agustus singkat lebih dianjurkan. Pidato yang ringkas akan lebih muda mengena di benak audiensi karena poin penyampaian biasanya lebih tertata.
Contoh Teks Pidato 17 Agustus Bahasa Sunda Singkat
Tema pidato Bahasa Sunda tentang 17 Agustus pendek sangat beragam pilihannya. Berikut beberapa contoh materi pidato yang bisa menjadi acuan:
1. Contoh teks pidato 17 Agustus singkat
Assalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh.Nu ku sim kuring dipihormat Lurah Wangon, sareng teu hilap ka warga Desa Wangon anu sami ku kuring dipihormat.
Langkung ti payun urang panjatkeun puji sinareng sukur ka Allah SWT anu parantos masihan karunia-Na. Dina enjing anu lenglang ieu, urang tiasa kumpul sareng ngariung di Lapang Kriyan pikeun ilubiung dina acara mieling HUT RI nu 80 taun.
Ibu-ibu sareng bapa...
80 taun ka tukang kalayan idin Allah, karuhun urang tiasa ikrar proklamasi nu pinuh ku kawani Bandera merah putih tiasa dikibarkeun minangka salah sahiji ciciren yen nagara urang nu berdaulat tos ngadeg, Nya, ti waktu harita pisan kacatat dina sejarah yen Bangsa Indonesia tos merdeka.
Perjuangan pikeun ngamerdekakeun teu gampang dihontal. Loba pengorbanan nu kudu dilakukeun, boh korban harta malah tug dugi ka korban nyawa pikeun ngahontal naon anu disebut kamedikaan. Merdika tina kolonialisme anu ngagalaksak nagara urang. Tah tina pengorbanan sareng perjoangan karuhun urang jaman harita, urang ayeuna bisa rumenghap dina kamerdikaan leupas tina penjajahan anu leuwih ti saratus tahun ngabangkol bangsa urang.
Ku kituna, urang kudu ajeg panceg pikeun neruskeun naon anu diperjoangkeun ku para pahlawan urang ku cara ngawangun ieu nagara dina mangsa kamerdikaan. Hal ieu luyu jeung téma Hari Kemerdekaan RI ka-80, nya éta “Terus Melaju untuk Indonésia Maju”.
Ibu-ibu sareng bapa-bapa.
Ngaliwatan miéling poé kamerdékaan Indonésia anu ka 80, hayu urang ngébréhkeun jangji ka diri urang sorangan pikeun terus digawé sabisa-bisa. Usaha urang, rek sakumaha leutikna, mangrupakeun wujud parsial pikeun kamajuan ieu nagara. Teu kudu leutik manah sanajan masih dina tingkat mikro.
Salian ti éta hayu urang jaga karukunan antara urang. Kesatuan jeung persatuan anu geus dipiara nepi ka ayeuna kudu dijaga sangkan teu gampang paturay.
Wilujeng miéling poé kamerdikaan anu ka-78. Mugia Gusti salawasna marengan urang dina ngeusian dinten-dinten ieu dina alam kamerdikaan ku kasaéan ékonomi, ningkatna karaharjaan, sareng patékadan dina widang pertahanan bangsa Indonésia dina nyanghareupan sagala rupa ancaman anu bisa mecah belah bangsa.
Sakitu wae nu kapihatur ti sim kuring.
Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.
2. Contoh teks pidato 17 Agustus ringkas
Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.Merdeka! Merdeka! Merdeka!
Bapa, Ibu, sareng sadaya hadirin anu ka simkuring dipikahormat…
Mimiti ieu kasanggupan, hayu urang sami-sami muji sukur ka hadirat Allah Subhanahu wa Ta’ala. Ku rahmat sareng pangestu-Na, urang sadaya tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan séhat wal afiat, dina raraga ngagungkeun Hari Kamerdikaan Republik Indonesia anu ka-80.
Poé Kamerdikaan téh mangrupikeun waktos pikeun mikir jeung maluruh deui ngeunaan sajarah perjuangan para pahlawan bangsa. Maranéhna parantos ngorbankeun nyawa, harta, jeung tanaga demi ngahontal kamerdikaan nu ayeuna tiasa urang raoskeun.
Kanggo urang sadaya, utamina generasi ngora, parantos waktuna pikeun henteu cicing waé. Urang gaduh kawajiban pikeun neruskeun perjuangan éta dina wangun nu saluyu jeung jaman ayeuna.
Ngamumulé jeung ngararagangan kamerdikaan tiasa diwujudkeun ku prestasi, ngajaga karukunan, jeung janten generasi anu mibanda akhlak mulya sarta wawasan nu lega. Éta sadayana mangrupakeun bentuk panghormatan ka para pahlawan nu parantos gugur.
Tangtangan jaman ayeuna memang béda jeung mangsa penjajahan baheula. Ayeuna, urang nyanghareupan krisis moral, kabiasaan gumantung kana téknologi, jeung leungitna rasa kabudayaan. Ku sabab éta, urang kedah silih ajak pikeun ngaronjatkeun rasa kabangsaan, silih asah-asih-asuh, jeung cinta kana lemah cai dina sagala widang.
Hayu, urang jadikeun poé 17 Agustus ieu salaku waktos pikeun langkung nyaah kana nagara. Sumanget kamerdikaan ulah ngan ukur dicaritakeun, tapi dipraktékkeun dina lampah sapopoe. Mugi Gusti Allah salawasna maparin pituduh sareng ngawilujengkeun sagala lampah urang.
Merdeka! Merdeka! Merdeka!
Wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.
3. Contoh teks pidato 17 Agustus pendek
Wilujeng enjing sareng salam rahayu ka urang sadaya.Anu ku simkuring dipikahormat, Bapa sareng Ibu warga Banaran sadayana.
Anu dipikabanggakeun, para nonoman wanoja sareng jajaka warga Banaran.
Merdeka! Merdeka! Merdeka!
Dinten ieu urang sami-sami ngagungkeun Milangkala Kamerdikaan Republik Indonesia nu ka-80. Ieu acara sanés saukur kagiatan reuah-reuah, tapi ogé mangrupa waktu pikeun mikirkeun deui: Naon saéstuna hartina kamerdikaan pikeun urang sadayana ayeuna?
Urang hirup dina jaman anu béda ti mangsa awal kamerdikaan. Dina waktu harita, rahayat Indonesia perang ngalawan penjajahan. Taruhanana nyawa, demi ngahontal cita-cita pikeun merdéka.
Sedengkeun ayeuna, tantangan urang sanés deui perang fisik. Tapi urang nyanghareupan perang batin jeung masalah sapopoe, sapertos rasa males, kabodohan, jeung kurangna rasa paduli ka sasama atawa ka nagara sorangan.
Ku sabab kitu, sumanget perjuangan kudu salawasna dirumat jeung dijaga. Urang sadayana perlu nyonto nilai-nilai luhur para pahlawan: wani, jujur, sarta tanggung jawab.
Eta nilai kedah diterapkeun dina kahirupan sapopoe, diwujudkeun dina lampah nyata, sanajan leutik. Contona, rajin diajar, ngajaga waktu, kerja kalayan sungguh-sungguh, sareng henteu gampang nyerah.
Salian ti éta, urang ogé kedah daék nolak sagala hal anu goréng, sapertos narkoba, korupsi, jeung sagala bentuk intoleransi. Eta kabéh mangrupikeun musuh jaman kiwari.
Kamerdikaan sajati téh nalika urang tiasa bébas mikir jeung nangtukeun lampah pikeun kahadean, tanpa kudu nurutan kabiasaan nu goréng. Merdéka téh hartina bisa nangtung sorangan kalayan martabat.
Mugia peringatan 17 Agustus ieu janten pangeling yén perjuangan bangsa urang téh tacan réngsé. Urang sadayana nyaéta pejuang, ngan bentuk jeung carana waé nu béda-béda.
Merdeka! Merdeka! Merdeka!
Tirto menyediakan berbagai bacaan seputar tema HUT RI ke 80. Simak rangkuman judulnya melalui tautan berikut:
Penulis: Ilham Choirul Anwar
Editor: Iswara N Raditya
Penyelaras: Dede Mudopar & Ilham Choirul Anwar
Masuk tirto.id



































